Selasa, 22 Juli 2014

KAHELAS NAMPER DUA BELAS SEPTEMBER

Ningal mega , lenglang tanpa daksa
Ningal langit , kingkin taya tanding
Poe eta
mepende pangharepan
Asih urang
kasilih ku anggang 

            Bulan bendu , diharudum teu tangtu
           Bentang anggang , ngajauhan urang duaan 

Deudeuh Eulis 
anjeun lumengis nahan kaperih
Kuring surti 
sajatining ati
Beut asa 
neunggar cadas 
nyesa ukur bibilas
Pasini nu repok 
kiwari hamo paamprok 
Eulis 
gening pasini teh 
lain di atur ku urang
Tapi 
kersaning Gusti Hyang Widi
Kapeurih ati , jadi peurah dina rasa
Najan hate beurat , katresna hamo walurat 

           Hate leah
          nandang kasusah , 
          najan
          raga geus upaya

Urang hamo bisa mapalerkeun rasa 
nu kasorang

          Nam Eulis 
          urang leumpang sewang-sewang
           Najan Akang beurat , 
          tapi da pan tos kedal ucap 

Bulan nu 
ku urang teuteup duaan
Kalangkangna moal aya 
dua deui
Jadi hiji pasti 
jadi ciri 
kapeurih ati

        Urang papegat 
        najan nyaah 
         papada beurat 

Bagea kembang balebat
Teu sangka 
kaasih ngan ukur 
sakolepat 
ngejat , sapaparat jagat 

        Tapi Eulis 
        ulah kingkin
        kaasih pasti ngahiji deui 

 - Diserat kangge bentang nu anyaclang na rasa -

Tidak ada komentar:

Posting Komentar