Selasa, 22 Juli 2014

GERENTES JAGALUK

Jagaluk namprak mentangkeun
jajambarannana
sisi jalan jeber
ngajegir
di barengan
ajag jingkrung


baju robag-rabig
saukur diraeh
panitih
pentul benang
hamo ngarentet
ijid , cua !


Ngagerentes
" Kuring lebeng di ieu
panggung.
Rerencepan maehan
kalbu.
Na kamana atuh
kaadilan?.
Meunggeus
tong loba catur heh
pangagung adigung!
Geura dudut
ieu raga
ngarah panggung,
ruum kekembangan
taya kaula!."

Tidak ada komentar:

Posting Komentar