Rabu, 18 Juni 2014

BUDAYA ALAT PAJOANGAN

Gunung guntur belah luhur hamo mundur jeung takabur


Bentang bentang anu ligar rek bajoang arek medar

Tasikmalaya jadi saksi medarna satria anu sajati

Mandala Herang jadi saksi medarna pajoang anu pasti

Bulan bentang ting arimut teu hariwang ngalenggut

Bulan bentang ting kariceup keur nyawang nu di hareup

Budaya nu jadi lalakon jadi alat jang tetekon

Budaya nu nu mere jalan sangkan hirup make aturan

Budaya bakalan ceurik lamun jalma loba nu burik

Budaya bakalan bendu lamun jalan teu sapanuju

Budaya nyaeta alat sangkan hirup bisa rumawat


Budaya nyaeta aci sangkan hirup bisa tarapti

DUA GAGANG KEMBANG ROS

dua gagang kembang ros sirna ilang tanpa wekas...

nu didama-dama , nu di anti-anti ayeuna tilem duka ka mana...
euweuh nu ngalantaranana , ngan baluweng nu aya...


hate bimbang taya nu nyaho...
kuring hirup siga nu poho...
ukur bisa ngabedega na luar panto...


nu ku kuring dijaga , nu ku kuring d antos...
ayeuna mung ngan saukur cariosan waos...
taya tapak taya rumaos...


dua gagang ros nyangkeut pageuh dina ati...
diwanti-wanti..

hanjakal jadi jamparing nu nurihan ati

Minggu, 15 Juni 2014

Mega nu Mimiti Lingsir

Mega mendung nu alum
beulah kulon,
karasa aleum, lir
handeuleum.

Mega nu
ngeukeupan panonpoe,
mimiti anggang
lenglang.

Mega nu teu weleh
satia maturan
datangna sareupna
ngolepat.

Hayang ngejat, tapi
beurat nyanghareupan
surya nu
moreret kana kajauhan.

Mega nu biasana 
aya sapopoe,
tatu !.

Mega nu kumelendang
dina rasa,
cua kana
kaayaan.

Mega nu nyangkin
dina ati,
mimiti lingsir
katebak angin