Minggu, 15 Juni 2014

Mega nu Mimiti Lingsir

Mega mendung nu alum
beulah kulon,
karasa aleum, lir
handeuleum.

Mega nu
ngeukeupan panonpoe,
mimiti anggang
lenglang.

Mega nu teu weleh
satia maturan
datangna sareupna
ngolepat.

Hayang ngejat, tapi
beurat nyanghareupan
surya nu
moreret kana kajauhan.

Mega nu biasana 
aya sapopoe,
tatu !.

Mega nu kumelendang
dina rasa,
cua kana
kaayaan.

Mega nu nyangkin
dina ati,
mimiti lingsir
katebak angin


Tidak ada komentar:

Posting Komentar